Mukodimah Mankobah
a'uudzu billaahhi minasy syaithoonir rojiim
alaa inna auliya alloohhi laa khoufun 'alaihhim walaa hum yahzanuun
bismillaahhir rohmaanir rohiim
Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem sagemblengna, eta tetep kagungan Allah anu mikawelas ka abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna.
Rahmat sareng salam anu utami muga tetep ka pangafdol-afdolna Nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu parantos dikiatan kalawan mu'jizat, anu diutus jadi rohmat kasadayana alam, sareng kakulawargina, sareng kasadayana sahabat, sareng kasadayana auliyana Allah anu parantos diluhurkeun kalawan dipaparin pirang-pirang karomat.
Amma ba'du
Mangka ieu sapucuk kitab anu kalintang ringkesna, nyarioskeun manaqibna Sulthonul Auliya Wa Imàmil 'Ulama Assayyid 'Abdul Qodir Al-Jailani qsn, kenging metik tina kitab 'Uqùdul Lalali Fi Manaqibil Jaelì, sareng tina kitab Tafrìhul Khòtir Fì Manàqibis Sayyid 'Abdul Qòdir.
Mudah-mudahan aya mangfaatna ka sadayana dulur-dulur anu kersa ngaos atanapi ngadangu kalawan ngagungkeun kanu kagungan ieu manaqib.
Mudah-mudahan kuberkahna anu kagungan ieu manaqib, Gusti Nu Maha Suci ka urang sadayana nurunkeun rohmat sareng nulak tina bahla dunya akherat, dihasilkeun pamaksudan diwuwuh kasalametan.
Amin.
1. MANQOBAH KA 1 NYARIOSKEUN NASABNA SAYYID ABDUL QODIR
2. MANQOBAH KA 2 NYARIOSKEUN DIPEDALKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR
3. MANQOBAH KA 3 NYARIOSKEUN NGAOSNA SAYYID ABDUL QODIR
4. MANQOBAH KA 4 NYARIOSKEUN BUDI PEKERTINA SAYYID ABDUL QODIR
5. MANQOBAH KA 5 NYARIOSKEUN ANGGOAN SARENG KATUANGAN WAKTOS NYANTRI
6. MANQOBAH KA 6 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR DISARENGAN KU NABIYULLOH KHIDIR DI IRAK
7. MANQOBAH KA 7 NYARIOSKEUN IBADAHNA SAYYID ABDUL QODIR
8. MANQOBAH KA 8 NYARIOSKEUN NU DIDAMEL DADASAR PADAMELAN SAYYID ABDUL QODIR
9. MANQOBAH KA 9 NYARIOSKEUN NEMBEAN SAYYID ABDUL QODIR MITUTUR KA JALMA-JALMA DINA LUHUR KORSI
10. MANQOBAH KA 10 NYARIOSKEUN KUMPULNA 100 ULAMA BAGHDAD DI MAJLIS SAYYID ABDUL QODIR SARTA MASING-MASING PADA BOGA MASALAH
11. MANQOBAH KA 11 NYARIOSKEUN NGADAMPALNA KANGJENG NABI KANA PUNDAKNA SAYYID ABDUL QODIR
12. MANQOBAH KA 12 NYARIOSKEUN NYAKSIANANA GURU-GURU SARENG WALI-WALI KALUHURAN MARTABATNA SAYYID ABDUL QODIR
13. MANQOBAH KA 13 NYARIOSKEUN RUKSAKNA JALMA-JALMA ANU NYEBUT JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR HENTEU GADUH WUDLU
14. MANQOBAH KA 14 NYARIOSKEUN JALMA NU HADIAH KA SAYYID ABDUL QODIR DIHASILKEUN MAKSUDNA
15. MANQOBAH KA 15 NYARIOSKEUN JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR CARA ISMUL A'ZHOM
16. MANQOBAH KA 16 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN HIJI JALMA TI JERO KUBUR
17. MANQOBAH KA 17 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NGAREBUT NYAWA KHODAMNA TI MALAKAL MAUT
18. MANQOBAH KA 18 NGAJADIKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR BUDAK AWEWE JADI LALAKI
19. MANQOBAH KA 19 NYARIOSKEUN SALAMETNA 1 JALMA PASEK KU JAWABANANA ABDUL QODIR KA MALAIKAT MUNGKAR WA NAKIR
20. MANQOBAH KA 20 NYARIOSKEUN MANUK NGALUHURAN KA ANJEUNA TERUS PAEH
21. MANQOBAH KA 21 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN DEUI ALAP-ALAP
Tidak ada komentar:
Posting Komentar